Tilam Sono

Ieu lagu tilam sononyanggakeun ka nu ngadangu
Ieu lagu tilam sononyanggakeun ka nu ngadangu
Salayan sabrang salayankalebet cabe mah henteulumayan hatur lumayanlebet kasae mah henteu pilaweuran nilas cauka ala jeung kararasnapileuleuyan mun pajauhdi tinggalkeun wawaasna samping hideung dina bilikkumaha nuturkeunnanaabdi nineung ka nu balikkumaha nuturkeunnana melak cau melak togehanjakalna sok hileudankapungkur tilas carogeanjeunna bet jadi deungeun



Ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu
ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu

Abong kena tangkal kina
suluhna di kaparakeun
Abong kena abdi hina
Sok mindeng disapirakeun

~~~ Backing Vocal ~~~

Salempang abdi salempang
Salempang inggis teu tepang

~~~ Musik ~~~

Ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu
ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu

Soloyong Kapal udara
Seubeuh dibuntang bantingkeun
Sok abong kanu sangsara
Seubeuh dipulang antingkeun

~~~ Musik ~~~

Ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu
ieu lagu tilam sono
nyanggakeun ka nu ngadangu

Panitih matana opat
Nu hiji matana inten
Bilih aya anu lepat
Mugi kersa ngahapunten

~~~ Backing Vocal ~~~

Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

2 komentar: