Nu Pangantenan

Nu pangantenan bungangang geus diistrenan
Bahela ukur papacangan ayena resmi geus dirapalan

Reff
Nu pangantenan... leuh... euleuh... cacap laksana
Baheula ukur dicipta hayang mibanda nu dipicinta

Nyipta-nyipta ti kapungkur
Rempan peuting na dipeutik batur
Nganti-nganti ku karisi inggis pasini pukah deui

Endah keubeut ku kabungah
Geus rakeut ku akad nikah
Ilang rempan jeung karisi laksana ayena laki-rabi

Mugia nu pangantenan
Kembang mustika resmi geus kapibanda

Nu bingah nu pangantenan
Taya bandingan dunya anu duaan

Nu bingah nu pangantenan
Ngukir geus pageuh moal poho ka kadeudeuh

Nu bingah nu pangantenan
Geus matri najan dugi ka pati.

Reff
Nu pangantenan bungangang tos diistrenan
Baheula ukur papacangan ayena resmi tos dirapalan

Nyipta-nyipta ti kapungkur rempan peuting na dipeutik batur
Nganti-nganti ku karisi inggis pasini pukah deui

Endah keubeut ku kabungah geus rakeut ku akad nikah
Ilang rempan jeung karisi laksana ayena laki-rabi

Mugia nu pangantenan kembang mustika resmi geus kapibanda
Nu bingah nu pangantenan taya bandingan dunya anu duaan
Nu bingah nu pangantenan ngukir geus pageuh moal poho ka kadeudeuh
Nu bingah nu pangantenan geus matri najan dugi ka pati.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar