Puspa Reuma

Puspa reuma endah teh ngahudang rasa
Ku teu sangka horeng bet jadi didinya

Na kunaon nenden asih kadirina
Kapikat panah asmara
Mustika kembang katresna

Nya di gunung kuring tepung
Gandrung liwung kapigandrung

Duh... aduh... malati ligarna ati

Nenggorkeun imut kareueut
Pinuh ku madu mamanis

Nu kapireng harewos mawa hariring
Ngagalindeung nyanding dina hate kuring

Geter asih minuhan rasa katineung
Na rangkulan jadi sungkeuman kaheman

Tidak ada komentar:

Posting Komentar