Tali Rarabi

Ulah rèk sok bèlik.....
Tali rarabi... tètèp meungkeut pageuh
Ulah peugat rasa kaheman nyancang tresna urang

Ulah rèk sok bèlik.....
Janji sa ati mupusti pasini
Tèteup nganteub langgeng katineung mugia kasorang

Kacinta urang.. kanyaah urang.. nyanding katintriman
Estu satuhu lana satia duriat marengan

Tebih Balahi anggang kamelang keur salalamina
Hareupan urang... udagan urang... bagja sasarengan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar