Peuting Nu Urang

Peuting eta enung..... peuting nu urang
Sepi jempling taya suara haringhang .....matak hariwang

Alam endah di sanding bulan purnama ....Bulan purnama
Simpe..... jempe..... matak betah
Ngumbara di pawenangan..... di pawenangan

Peuting ieu enung..... kuring kapahung
Sasar lampah heunteu puguh nu dijug jug ilang tujuan

Natar ngidul milang imah ngitung lembur.....
Nuju ka tungtung..... malik ngaler..... mapay tapak
Jog anjlog ka geudong peuteung.....
.....Nu poek mongkleng.....

Peuting nu urang harita datang
Ukur nembongan reup sakiceup geus euweuh

Peuting nu urang..... peuting impian
Inditna bareng Jeung datang na cahaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar