Hiji Catetan

Geus lawas carita urang duaan
Anu munggaran nitipkeun asih mareungan

Teu laas sanajan urang nyorangan
Kedalna lisan satia rek babarengan

Harepan nuyunkeun ka mega melang
Rek nitip bentang laksana nyandingkeun bulan

Kembang endah... kembang endah...
Pangharepan janteun emutan
Duh... kuring laleuwang...
Kuring honcewang

Mekarna....
Mekarna kembang endah pangharepan
Ngotret ingetan mukakeun hiji catetan

Tapi kiwari ngan kuring anu ngageuri
Cuang-cieung ngan sorangan
Honcewang hate laleuwang

Nu miasih dipeupeurih
Nu mitineung ditinggalkeun

Teu sangka bet jalir jangji
Kuharianeun....

Nu miasih dipeupeurih
Nu micinta tong ditinggalkeun
Tong sok jalir jangji

Kuharianeun...

2 komentar:

  1. Deuhhh...meuni ku waas...emut nuju budak keneh..emut waktos kapungkur...hirup dilembur anu singkur...hatur nuhun gan...laguna...

    BalasHapus