Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung

Jangjang peuting geus ngalingkup
ngarungkupan dayeuh Bandung
anu hibar sinar lampu
Panto ati geus narutup
mipindingan kawih asih
anu halon tur halimpu
Geus paanggang geuning urang pajauh
rék kasaha diri nyungkem nyaluuh
nu disungsi geuning nu ditéangan
duh ieung teu témbong-témbong
geuning taya ngiberan
Dilalangit, langit Bandung
ngempur hurung bulan keur mayung
di lelemah, lemah Bandung
kapidangdung kapidangdung
diri di tundung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar