Sumedang Kota Kamelang

Sungkan miang paturay kudu paanggang
Kota sumedang muntangan kadedeh melang
Sureum tetep kaharep ku cipanon ngeumbeung

Naha enung sumoreang
Pan miang mungkas hareupan

Duh... tampomas ulah waswas
Piraku rek udar janji kakonci ku palasari

Ker sumedang...
Urang tandang...
Ka ibu pertiwi urang ngabakti

Sungkan miang paturay kudu paanggan
Kota sumedang muntangan kadedeh melang
Sureum tetep kaharep ku cipanon ngeumbeung

Naha enung sumoreang
Pan neang mungkas hareupan

Duh... tampomas ulah waswas
Piraku rek udar janji kakonci ku palasari

Ker sumedang...
Urang tandang..
Ka ibu pertiwi urang ngabakti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar