Lembur Kakasih

Tuh, pengkolan anu bras ka jalan gede nu mawa guligah hate
Tuh, cirina tangkal anu ngarandakah nu linduh tempat bumetah
Tuh, lemburna kahalang sawah jeung pasir nu mawa seredet geter
Tuh, walungan nu bersih herang caina sawening rasa cintana

Didinya gelarna cinta munggaran
Didinya harepan mekar kembangan
Endah panineungan teu kasilih pedah pisah
Tumapel teu ilang-ilang nembongan satiap waktu

Duriat mancang
Kakangen manteng
Lembur teh lemah kakasih
Pangancikan pangbalikan
Welas hate wening bersih

Tidak ada komentar:

Posting Komentar