Tawis Soca

Tawis soca katresnan... simpay asih ti salira
Karaos neundeun hartosna bingah nampina

Tawis soca katresnan kaemutan ti salira
Karaos ngahudang bagja... taya hinggana

Lelepen ngalit kakangen nyirian rema panangan
Dianggona unggal dinteun napeul nyantel mapaesan

Batuna mirah dalima disanggah emas wartana
Nyangcang tineung rasa cinta dumeling ngentring asihna

Tawis soca..... tawis soca.....

Panganteurna nganggo seurat... ceunah mugi katampi

Tawis soca..... tawis soca.....
Haturan tambih lumayan ceunah bukti kaheman.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar