Naha Enya

Naha enya mun kena panyakit cinta
Teu di pria teu wanoja
Cinta teh sok nyaliara

Mimitina pajar teh sok hayang wanoh
Mun geus wanoh
Mun geus wanoh akhirna ngajadi bogoh

Sok sanajan jauh mo burung dijugjug
Najan anggang henteu weuleh hayang neang

Ngumbar cinta papada janji satuhu
Komo mun henteu kaganggu
Matak poho kana waktu

Naha enya pameugeut mata karanjang
Mun aya nu herang-herang
Babari pisan kabandang

Mun seug pareung ku istri diajak seuri
Leumpeuh yuni babari pisan kataji
Pemeugeut mah sok komo mun dilayanan

Tara bosen matak era nyanghareupan
Tapi lamun ku istri sok sedekeun
Horeng ukur ngaheureuyan
Mana horeng geus rimbitan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar