Peuting Jeung Panghareupan


Jep! Angin entong nyoara
Bongan henteu mawa beja
Geus bentang, ulah ngiceupan
Bongan teu mawa titipan

Mega anggur geura leumpang
Pek pindingan itu bulan
Bongan neuteup ti tatadi
Tapi henteu mawa jangji

Duh peuting ku teungteuingeun
Datang ukur mawa keueung
Henteu ngirim pangharepan
Henteu beja-beja acan

Boro lila ditungguan
Sugan anjeun babawaan
Datang mawa pihapean
Talatah iber jungjunan

Duh untung mun boga jangjang
Rek hiber arek diteang
Hayang buru-buru terang
Katineung nu didagoan

Hayang meunang kacindekan
Anu jadi panyileukan
Naha baris kalakonan
Atawa ukur impian

Tidak ada komentar:

Posting Komentar