Hareupeun Kaca

Hareupeun kaca
ngajanteng salila-lila
Roman alum gurat duka
atra narembongan

Hareupeun kaca
sagala nu karandapan
Lalakon katukang-tukang
nungtut narembongan

Reueuk rumeuk dina eunteung
Semu keueung semu nineung

Jiwa awaking nyarita
jiga nu nganaha-naha
Duh... ieung geuning
jiga nu nganaha-naha

Bejakeun deudeuh... bejakeun
Rumasa geus katalimbeng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar