Saguling

Kidul.. kulon tatar bandung
Saguling ngeumplangna beundung
Ngabeundung ngabenteng tineung
Katineung maju ngalangkang

Pasir... leumbur... pasawahan
Ilang tapak pileuleuyan
Nu endah tempat tumeuteup
Ngaleuguk cai umpalan

Saguling talaga mangsa
Saguling mandala rasa
Citarum manjing muara
Carita ayena jaga

Pengkolan mapaes jalan
Gupayna tanah kahyangan
Meuntas leumbur lalayaran
Puser endah pangjugjugan

Saguling... lain talaga sapeting
Lain dongeng sangkuriang

Saguling... ciciren di lembur kuring
Gumilang sunda patandang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar